Selasa, 01 Februari 2011

Dongeng Sunda

Cai laut asin

Kacatur jaman baheula aya dua jalma adi lancek. Nu cikal ngarana jana, ari nu bungsu ngarana jani.

Ki jana ka asup jelema benghar, lega sawah lega kebon. Tapi koret, tara barang bere jeung tutulung. Tapi ki jani mah bari jeung miskin oge ari boga rejeki teh sok mere kanu butuh.

Hiji poe ki jani nginjem beas ka ki jana tapi manan dibere malah dicarekan. Untung pamajikan ki jana karunyaeun. Susulumputan ti salakina mere beas ka ki jani sacangkir jeung lauk asin. Bari nalangsa ki jani balik, ditengah jalan amprok jeung aki-aki awakna begang lempangna rumanggieung atuh karunyaeun, diajakan weh ka imahna. Nepi imah beas dibubur saenggeus asak di dalahar bareng.

Isuk-isuk keneh aki-aki teh geus pamitan. Memeh indit aki-aki teh mere jimat ka ki jani mangrupa lilisungan jeung haluna tina perak. “naon wae anu di pikahayang ku ujang, sebutkeun wae bari nyebut tutu! Tutu! Tutu! Tilu kali.” Ceuk kaki-aki teh, engke tangtu haluna nutu sorangan, sarta anu dipikahayang kaluar tina jero lisung. Ngereunkeunana lisung kudu dibere taneuh saetik.

Gancangna carita ki jani geus benghar, tapi tetep resep ngabantu jeung tutulung kanu susah.

Barang ki jana ngadenge adina beunghar manehna sirik, bari boga niat jahat hayang miboga jimat eta. Hiji peuting ki jana datang ka ki jani, ku ki jani dicaritekeun kabeh ka ki jana carana make lisung. Terus dibawa minggat ku lanceukna ka alas pentas. Mangsa dina kapal geus eweuh uyah ki jana menta uyah ka lisung, kaluar uyah teh teu ereun-ereun, ki jana poho teu mawa taneuh. Nepi ka kapalna kelebuh teleum. Ti harita cai laut jadi asin.

Rincian Dongeng:
- Judulna : Cai Laut Asin
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Dua urang adi lanceuk: lanceukna Ki Jana, Adina Ki Jani.
- Watek palakuna :
Ki Jana = Sarakar, koret, embung tutulung kanu susah.
Ki Jani = Bageur, berehan, daek tutulung kanu susah.
- Tempat/latar : Jaman baheula di hiji lembur.
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi jalma ulah koret jeung jahat, siga Ki Jana anu tung-tungna bakal cilaka. Kudu kos Ki Jani bageur sok daek nulungan batur, hirupna jadi senang tur tentrem.


Kuya ngagandong imahna

Jaman baheula aya kuya imahna di sisi muara. Gawena ngahuma, ngahuma teh indit isuk-isuk datang sore magrib.

Hiji poe kuya keur di huma, aya hujan gede bari jeung angin. Tatangkalan rarungkad imah kuya oge ka apungkeun murag ka leuwi brus ti teuleum. Sakadang kuya sedih kacida. Isukana manehna nyieun deui anu leuwih keker supaya teu ka bawa ku angin.

Hiji poe manehna balik ti huma, kuya teh masak pikeun dahar sore. Sabot masak, kuya ka cai heula. Keur di cai katingali haseup ngebul dina suhunan imahna, ku kuya diburu tapi imah geus angus, seuneuna gede nakeranan. Kuya teh ceurik.

Keur kitu, jol bae monyet kolot. Monyet ngomong ka sakadang kuya, “tong ceurik sakadang kuya, nyieun deui imah mah!”

“anu matak sakadang monyet lain sakali wae kacilakaan imah teh, bareto kabawa ku angin. Kudu kumaha akalnanya supaya imah awet?” Ceuk sakadang kuya. Sakadang monyet ngajawab, “gampang atuh, ngarah imah ulah cilaka mah dibawa bae, ulah ditinggalkeun. Pek nyieun deui anu alus tur kuat, ke lamun geus anggeus urang tangkodkeun kana tonggong anjeun, pantona sakira asup sirah supaya gampang ngelokeun sirah ka jero”.

Eta papatah teh ku kuya diturutkeun. Saenggeus anggeus, prak di tangkodkeun dina tonggongna, monyet anu memenerna. Tah ti harita mah imah sakadang kuya teh sok dibabawa bae, digagandong.

Rincian Dongeng:
- Judulna : Kuya Ngagandong Imahna
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Sakadang Kuya jeung sakadang Monyet
- Watek palakuna :
Sakadang Kuya = Getol daek digawe, gampang putus asa an, te kuat kena musibah.
Sakadang Monyet = Daek babantu jeung mere saran
- Tempat/latar : Baheula dihiji kebon deket walungan
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi jalma kudu getol kos sakadang Kuya tapi tong gampang putus asa jeung tong bodo. Jeung kudu daek babantu ka batur kos sakadang Monyet.